Assalaamu’alaikum
wr. Wb.
Alhamdulillahilladzi ahalannikah waharromassyifah….dst
Para bapa anu garandang anu sami lenggah !
Para ibu anu harurung nangtung anu sami rawuh !
Para hadirin anu garinding anu sami sami hadir !
Kumna kasugrining para wargi anu sarumping hormateun sim
kuring !
“Dina mangsa rasa kebek ku kabungah anu sumarambah
lebeting manah, teu aya kecap anu merenah kedal dina munggaran garapan, anging
ti urang sami-sami manjatkeun puji anu suci nyanggakeun puja anu utama ka dzat
anu Maha Kawasa Ilahuna Robbuna Allah Aza wajala anu salamina ngaping ngajaring
ngayuga jeung ngaraksa ka manusa anu salamina takwa ka Mantena, mudah-mudahan
diantawisna kalebet urang sadayana”.
“ Teu kakantun solawat
sinareng salam, paneda mugia salamina dilungsurkeun ku mantena
kajungjunan urang sadaya, mustikaning sosoca dunya kangjeng rosulullah saw, anu
parantos nuduhkeun jalan utama ka umatna sangkan di dunya hirup waluya di
akherat pinanggih jeung bagja, teu kakantun mudah-mudahan didugikeun ka
kulawargina, sohabatna, tabi’in tabiatna tug dugi kaurang sadayaan, aamiin ya
mujibassaailin.
“Sajengna mangrupi lemek pangrampes, bewara pangbagea,
sim kuring ngahturkeun wilujeng sumping, wilujeng tepang, wilujeng paamprok
jonghok kalayan nyanggakeun rangkul panglawung ka kulawargi calon panganten
pameget kalih rombongan, kalayan sim kuring gaduh paneda, mugia ku
kasumpinganan para wargi sadaya ka ieu patempatan buktosna ka bumina kang….sing
janten marga lantaran tambih-tambih nyaketkeun tali kawargian diantawis urang
sadaya tur salamina aya dina ridoana Allah swt.
Nanging…aya
harewos ti sohibul maksad papatah mani lekoh ka sim kuring, kumaha atuh saurnah
akang sareng euceu teh, wirehna ngumpulkeun dulur-dulur anu ti lembur, ngondang
baraya anu ti kota teh bari heureut pakeun pungsat bahan, dibeber beber ge
kalah ka soeh, para wargi ditampi calik mung ukur dibabancik, hempak dibaeukeun
ditaweuran, kukituna tina sugrining katunaan, kalaifan panampian, boh dina
tempat anu kirang saluyu sareng kakedahan, kirang tata titi, tata cara duduga
peryoga kirang tatakrama anu utama, neda sihapuntena, mugia neda cukup lumur
jembar panghampurana.
“Salajengna kanu rawuh mugia mafhum, kasadayana mugia
janten uninga rehna dua nonoman buktosna
Neng….. sareng cep….., parantos sami-sami kajamparing
ati, katalimeng katineung kapanah ku asmarana cinta, nya danget ieu pisan aranjeuna seja maheutkeun galeu kadeudeuh,
nyimpaikaeun ramat katresna, ngaiteun tali kaasih, rehna dina mangsa katukang
aranjeuna parantos sasarengan na hanjuang nunda carita, na handeuleum neundeun
kadeudeuh, dina ati nitip kaasih, dina manah papada nyimpen kanyaah, jajaka
sareng nyi mojang parantos sami-sami tutup, tetep, titip. Tutup mangsana
lalagasan, tutup mikahayang anu sanes. Tetep duanana jinis pada jinis parantos
sami-sami jangji pasini mo bade paturay deui, papada pacantel cinggir ku
karepna pribadi, netepkeun baris ngahiji teu kakantun widina ti para sepuh.
Titip diri moal nitipkeun kanu sanes, parantos silih reumpeukan ku papateuh anu
eunggeuh ku deungeun-deungeun, papada masang babay kingkila katara ku kadang
warga yen geus suka pada suka mo incah balilahan deui, baris sapapait samamanis
maksad seja ngahiji ngalaki rabi. Salajengna andum panuhun, pidu’a anu kaseja,
mugia pamaksadan tinekanan kalayan aya dina kalancaran oge aya dina ridoana
Allah swt. Aamiin.
‘Kanu rawuh mugia mafhum, sim kuring kajurung mancen
garapan jadi pangduum waktu pangjajap acara, peryogi ngadugikeun rundayan acara
anu baris kasanggakeun.
‘Munggaran mangrupa bubuka, diteraskeun kana pangaosan
ayat suci al Qur’an, ditema seren sumeren ti sesepuh calon panganten pamaget,
disambung ku panampian ti pribumi, Indung acara akad nikah kacangking ku
khutbah nikah, salajengna panganteb lisan, kadeudeuh ka panganten, diwuwuh ku
do’a mangrupi panglesu qalbu, dipungkas ku musopahah.
“Hadirin hormateun sim kuring anu sami rawuh, supados teu
nyangkolong kana waktos, sumangga urang bujeng kana acara salajengna, nyaeta
pangaosan aya-ayat suci al-Qur’an anu bade diaoskeun ku …….
“Sodakollohuladzim,
wasodakorosuhul karim wanahnu alaa dzalika minassyyaahidiina wassyaakiriin,
mudah-mudahan rahmat Allah swt oge barokah tina aosan ayat suci al-qur’an tadi
didugikeun ku Allah swt khusus kanu ngaoskeunana umumna ka urang sadayana,
wabil khusu utamina ka calon mempelai anu bade didahupkeun.
“Salajengna awon teu
kapiunjuk, gaduh raos janten pribumi seja tumaros kanu rawuh, naon anu janten
kandungan manah sajabina ti silaturrahmi ?, sumangga gera dadarkeun, sumangga
geura wawarkeun, ka pupuhu ti rombongan calon panganten pameget sumangga
dihaturanan kanggo ngadugikeun pamaksadanana.
“Alhamdulillah
wasyukrulillah, nu dianti-anti ti kamari nu didago-dago tibareto, kasumpingan
cep……kadieu bari diiring ku wargi-wargi ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
ngebat-ngebat nyatang pinang, dijajap ku baraya bari rebo ku cacandakan sarta
dijurung ku do’a sepuh sagemblengna parantos disanggakeun, nembe pisan ku urang
sadaya parantos ka kuping cep….sagalana parantos di pasarahkeun ka kulawargina
calon panganten istri, getihna satetes, rambutna salambar, ti luhur sausap ketu
ti handap sausap sapatu, ti tengah-tengah anu sagede mutu, kaseneng ibu-ibu, dimana
ibu-ibu teu mendak dina sajero saminggu ibu-ibu sok murukusunu, kumargi si ibu
hoyongeun cau. He….he….he…..
Para wargi hormateun sim
kuring, wabil khusus ka kulawargi calon panganten pameget, sim kuring asamana
sohibul maksad ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan raos kugunturan
madu karagragan menyan putih, kaweningan galih para wargi, kajembaran manah
kadang warga moal disuhun dina emun-emunan sok inggis lsok inggis laas
kaibunan, moal dikeupeul dina dampal leungeun sok bilih kakumbah, moal disimpen
di handap sok inggis palid ku cileuncang, nanging baris dibungkus dina qalbu,
dipatri dina ati, ditetepkeun dina angen supados salamina kacipta, karaos,
kacatet ku kertegna hate.
“Salajengna kanggo ngantebkeun
panampian seja kadugikeun ku pangeresa…….. waktos sinareng kahormatan sumangga
dihaturanan.
“Batu turun keusik naek,
itu purun ieu daek, jinis pada jinis pada sapuk, ibu rama pada-pada rujuk, nu
nyanggakeun sareng anu nampi papada gumulung dina hiji kacindekan seja bade
bebesanan rumojong kana kahoyong putra.
“Kanggo perlambang lulus
banglusna ieu seren sumeren, sumangga pada nyakseni, serah papasrahan
cacandakan, mangrupi pangbobot panyandang raga ti ibuna cep…..ka biangna neng…….sumangga ka ibuna
cep….dihaturanan kanggo nyanggakeun salah sawios cacandakan nana ka ibuna
neng……
“Para bapa miwah para
ibu anu sami rawuh !
Jangji pasini anu
bihari, pasang subaya anu baheula, antawis dua nonoman, ayeuna parantos nitih
wancina, tumiba ninggang dimangsa, bade di tali kaitkeun seja dicangreud
pegeuhkeun ku akad nikah kasimpay ku khutbah nikah, kanu mancen garapan
bapa-bapa para petugas ti KUA sumangga waktos sareng kahormatan salaluasan
disanggakeun……….
“Alhamdulillah dua insan
hamba Allah anu ngagaduhan cit-cita mulia ayeuna parantos resmi janten suami
istri, urang do’akeun ku urang sadayana mudah-mudahan aranjeuna sing tiasa
ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah, kacai jadi saleuwi ka
darat jadi salebak, ka cai sing daraek mandi ka darat sing daraek solat, oge
mudah-mudahan diparekeun rizkina di tebihkeun balaina, kalayan dipaparin pala
putra anu soleh tur solihah anu tiasa ngabaktikeun dirina ka Allah swt oge ka
kedua orang tuana, murangkalih anu berguna kanggo agama, nusa sareng bangsa.
“Kanggo pangdeudeul ka
kedua mempelai, pangeresa al mukarom………..seja ngadugikeun lisan kadeudeuh,
mangrupi panyiram kanu nembe ngarangkadak beukah oge kanu tos mangsana ligar,
mugi-mugi ageung manfaatna. Panuhun ka KH………kanggo ngadugikeun lisan kadeudeuhna.
“Nutup saur mungkas
maksad, panuhun kanu Maha Agung, paneda kanu Maha Kawasa, cara do’a seja
disesepuhan ku pangeresa KH……
“Alhamdulillah garapan
mangsa lekasan, kasugrining anu sarumping dihaturanan kanggo ngawilujengkeun ka
panganten, salajengna ngbujeng meja tuangeun, “Nyanggakeun sabrang salayan,
kalebet cabe mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan kalbebet sae mah henteu”.
“Sateu acan amit mundur
amit mungkur pamungkas ti sim kuring anu mancen garapan jadi pangduum waktu
pangjajap acara sejak sandu-sanduk, bobo sapanon carang sapakan, bilih aya saur
anu teu ka ukur aya basa anu teu kareka, anu matak tidekluk kana qalbu, matak
rengat kana manah, matak bared kana hate, sok inggis ti poros dina nyarios, ti
soledat tina kecap, palias ka hareup neukteuk saleunjeur ka tukang nigas
saregang, paneda mugia balungbang timur jalan gede sasapuan, caang bulan opat
welas, ulah aya geuneuk maleukmeuk, tepung bayu duduluran baraya sapapanjangna,
hatur punten tina sanes kanten kakiranganana,
“ Subhanakalloohu wabihamdika
asyhadu alla ilaha illa anta……..dst
“Wassalamu’alaikum
wr.wb.
Mantappp
BalasHapusAlhamdulillah... Hatur nuhun Jazakumulloh
BalasHapus